Di Kacamatan Leuwidamar, Kabupaten Lebak, aya hiji we-
wengkon nu disebut Kanékés. Pangeusina sok disebut urang Ba-
duy, sok sanajan éta sesebutan téh ku jinisna mah teu pati
dipikaresep, lantaran dianggap ngahina. Maranéhna mah leuwih
genaheun disebut urang Kanékés atawa urang Rawayan
Urang dinya téh masih kénéh pengkuh nyekel tali paranti ti-
tinggal karuhunna. Dina kahirupan sapopoena can loba kapa-
ngaruhan ku budaya anu jolna ti luar. Maranéhna téh beunang
disebutkeun masarakat tradisional anu dina pakumbuhanana mi-
boga ciri-ciri has.
Dina sistem pamaréntahanana ogé masih keneh pengkuh
nyekel tradisi. Wewengkon anu patali jeung adat dicekelna ku
puun anu jumlahna aya tilu, nyaéta anu matuh di Cikeusik,
Cikertawana, jeung Cibéo. Éta tilu kampung téh disebutna Telu
Tangtu, anu dina istilah urang mah Baduy Jero, tur ayana di te
ngah. Ari lembur di sabudeureunana disebut Panamping atawa
Baduy Luar. Loba ieu mah jumlahna ogé, aya dua puluh tujuh.
Dina ngajalankeun pancén sapopoéna, puun téh dibantuan
ku seurat. Ilaharna lamun aya anu rék nepungan puun oge kudu
ngaliwatan heula seurat. Boh puun bon seurat boga gelar pang-
hormat, nyaéta girang
Salian ti puun jeung seurat, di Telu Tangtu téh aya anu di-
sebut barésan deuih. Jigana lamun dibandingkeun jeung pama-
rentahan moderen mah sarua jeung anggota majelis, anu pancen
sapopoena nyekel kaamanan jeung katartiban.
Meureun aya anu tumanya, kumaha an urusan pamaréntahan
anu patali jeung tugas kanagaraan? Tah, ieu mah dicekelna ku
jaro pamarentah, anu baheula disebutna jaro gupernemen. Mun
di urang mah sarua jeung lurah atawa kapala desa. Dina nga
laksanakeun pancen sapopoéna, jaro pamaréntah aya di sahan-
dapeun camat. Tapi ari dina urusan adat mah manéhna kudu tu-
mut ka puun
Dina prak-prakan nangtukeun jaro pamaréntah, anu leuwih
loba nyekel peranan téh puun. Béda jeung di urang, kapan lurah
teh dipilihna ku masarakat. Tah, di Kanékés mah dipilih jeung
kudu meunang restu ti puun. Mun geus kitu kakara diajukeun ka
bupati, ngaliwatan camat, pikeun diistrenan jadi kapala desa
Kaitung beurat pancén jaro pamaréntah téh, sabab manéhna
kudu bisa nyukangan antara program pamaréntah jeung aspirasi
masarakat Kanékés anu mindeng teu tepung-tepung. Anu paling
hésé nepungkeunana misalna waé program wajib diajar. Ari sa-
babna, apan urang Kanékés mah kana sakola téh nyebutna ogé
buyut alias pantrang
Dina ngalaksanakeun pancén sapopoéna, jaro pamaréntah
téh dibantuan ku pangiwa jeung carik. Ku sabab urang Kanékés
mah euweuh anu bisa maca jeung nulis aksara Latén, jabatan
carik téh sok dipasrahkeun ka urang luar; biasana mah sala-
saurang kokolot ti désa séjén di sabudeureun Kanékés.